Sabtu, 04 Februari 2017

BUBUKA

Assalamualaikum Wr Wbr

Kalayan nyanggakeun puja puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Welas tur Maha Asih, ogé shalawat miwah salam kanggé jungjunan alam Nabi Muhammad SAW.

Ieu blog téh dipidamel pikeun janten wadah silaturahmi di jaman modérn sakantenan ogé supados generasi penerus teu pareumeun obor dina maluruh saha karuhunna téh.

Sanaos sadayana uninga yén urang teh sadayana sami keturunan Nabi Adam AS, tapi pan tebih teuing upami ngadamel jujutan sapertos kitu mah. minimal kaluhurna dugika uyut kahandapna dugika udeg-udeg janggawaréng. Khususon kulawargi Almarhum Kartaatmaja.

Hatur nuhun

Wassalamualaikum Wr Wbr


Admin